CONTOH NASKAH DRAMA SUNDA 6 ORANG | Komedi

         EUCEU-EUCEU REMPONG 

Palaku : 1. Ceu Mamar          4. Mang Rohman
                2. Ceu Siti                 5. Mang Usman
                3. Ceu Eni                 6. Pak RT


Di hiji kampong, aya tilu euceu-euceu anu kacida rempong namina nyaeta, Ceu Mamar, Ceu Siti jeung Ceu Eni. Hiji mangsa, imahna Ceu Mamar teh kamalingan, tuluy waktu di warung Mang Rohman manehna riweuh mere nyaho ka eceu-euceu nu lain.

Ceu Mamar : “Hey.. eceu-eceu… geuwat…geuwat kadie aya maling.. peuting di imah abdi aya maling.”
(riweuh mere nyaho bari ngabenerkan tiung na..)

Ceu Siti  : “Naon? Galing ? Buuk euceu galing lain?”

Ceu Mamar  : “Naha ai ceu siti, Maling ceu… maling.. lain galing...!!”

Ceu Siti  : “Hah? Beling? Kade atuh bisi katincak” (bari seuri)

Ceu Mamar : “Ah… teuing ah... Kumaha anjeun!!!!!”

Mang Rohman : “Aya naon? Dadanguan teh aya ucing ? kunaon ucing na?? Katabrak lain?”
(Pipilueun Ceu Mamar jeung Ceu Siti)

Ceu Mamar  : “Euhhh… ieu deuih nu hiji. Aya maling mang Rohman… lain ucing…”

Ceu Siti  : “Hah? Maling? Mana maling na, mana?!”

Ceu Mamar  : “Alhamdulilah, Eucreug oge geningan”

Mang Rohman  : “ih… ai ceu mamar, ongkoh tadi teh aya ucing ceunah, naha ayeuna beut kana Paramek? Sugan ucing na rietna?? (Bari ngahuleng)”

Ceu Mamar  : “Astagfirullahaladzim (nepak tarang) ah… kie pokonamah… dangukeun ka cepil, tadi peuting  teh aya maling ka imah abdi…”

Ceu Siti : “Wah… nu bener ceu Mamar?”

Ceu Mamar  : “Aslina ceu Siti” (Sambari noelan cepil)

Mang Usman  : “Naon Eceu-eceu meuni rariweuh kieu. Ngobrolkeun naon atuh…” (Nyamperkeun anu keur ngawangkong di warung na mang rohman)

Ceu Mamar : “Kieu mang Usman, Peuting tadi aya maling ka imah abdi. Aneh na teh, lain  maling TV jeung kulkas, manehna kalahkah maling barang-barang anu menang meuli di warung mang Rohman.”

Mang Usman  : “Wah nahanya?? Aneh maling teh”

Ceu Siti  : “He'eh nya aneh… maling na belet sugan?”

Mang Rohman  : “Sugan eta maling hayang balanja kadieu, ngan teu boga eun duit.”

Ceu Mamar  : “He'euh sugan maling na boke..” (bari seri)

Teu lila datang ceu Eni nyamperkeun bari
ngabeunerkeun samping na

Ceu Eni  : “Ibu-ibu… euceu-euceu, aya naon iyeu teh?? Menii rariweh asana teh..”

Mang Rohman  : “Aya maling ceu.. maling…”

Ceu Eni : “Kaheula, kahuela.. dimana aya malingna, naon anu dipaokna, iraha aya maling na, ka imah saha, jam sabaraha..?” (nereleng)

Ceu Mamar : “Keheula atuuh ceu.. nanya na lalaunan… teu ka hartos”

Ceu Eni : “Hehe.. kieu atuh… malingna ka imah saha? Sok mangga jelaskeun sing jentre.”

Ceu Mamar  : “Pan kieu, poe kamari abdi teh meser sandal ti warung mang Rohman, isuk na kari teh langsung di pake ka pangaosan. Naha ari isuk tadi, di tingali teh geus euweuh deui coba. Pantesan, peuting tadi teh asal aya nu keketrok tak tek tok di hareup imah puguh ge di paok suganan.”

Ceu Siti  : “Ahh.. kieu weh ayeuna mah. Hayu urang laporkeun ka pak RT.”

Sadayana  : “Hayuu…!”

Ceu Siti, Ceu Mamar, Ceu Eni jeung Mang Usman tuluy indit ka imah pa RT. Geus di imah pa RT, maraneh na ngalaporkeun kumaha caritana.

Pak RT  : “Eleuh-eleuh… karunya teuing atuh.”

Ceu Siti  : “Bener pak RT… watir deh ahh!”

Ceu Mamar  : “Dih… Ceu Siti mah watir watir teuingan.. pak RT kumaha atuh nya sangkan urang bisa newak eta maling.”

Pa RT  : “Hmm… tah ayeuna mah urang teangan solusi na.”

Mang Usman : “Naon? Tarasi? Tarasi mah ngeunah na ge di jieun sambel… sena lada, weuhh… MANTEP!!!” (bari kutap ketap)

Ceu Eni  : “Eehh… kumaha iyeu teh mang usman mah.. batur ngomong Solusi, jadi kana Tarasi.. Cape dech..!!!”

Maranehna tuluy mikir neangan solusi. Teu kungsi lila..

Ceu Siti  : “Aha..!!!” (bari ngacung)

Ceu Mamar  : “Naon-naon,, Kumaha???”            

Ceu Siti  : “Ah teuing…”

Ceu Eni  : “Euhh… sugan teh boga solusina..”

Pak RT  : “Emm…" (bulak-balik payuneun euceu rempong) "Kieu  we atuh, kumaha lamun urang masang perangkap.”

Ceu Siti : “Maksud na??”

Pa RT  : “Pan kieu, ngke peuting, ceu Mamar nyiapkeun barang anu alus. Tah, ngke teh pan bakal datang si maling teh, urang tewak weh malingna babarengan.”

Ceu Eni  : “Tah… bener.. berarti, ngke peuting, arurang kumpul di imahna ceu Mamar.”

Ceu Siti  : “Hayu lah, asal.. ayakeun kueh we, jeung susu dancow anu rasa coklat  weh.. mantep.. (kutap-ketap)”

Ceu Mamar  : “Hegelah… siap ari kueh mah.. apanan Orang Kaya.." (nyengeh) "Tempo atuh orang kaya mah kacamata na oge di luhur. Pan meh jiga bule anu di pantai geningan.. hehehe”

Pa RT  : “Eh, tapi.. punten nya euceu-euceu.. abdi mah moal tiasa ngabantosan newak malingna. Kumargi.. abdi bade aya rapat ti kantor desa. Tah, upami malingna tos beunang, candak bae langsung kadieu”

Mang Usman jeung eceu eceu rempong  : “Siaaappp..!!!”

Euceu-euceu rempong sareng mang usman teh tuluy baralik ka imah na sewang-sewangan. Ceu Mamar oge buru-buru nyiapkeun barang jang mancing si maling tea.

Wanci Peuting, Euceu-euceu rempong tos siap angkat ka imahna Ceu Mamar. Ti jam 8 peuting, maranehna tos kumpul bari ngarumpi. Tos 4 jam maranehna nungguan Maling. Euceu-euceu rempong geus baroseneun. Pangpangna mang usman anu pangpayuna nundutan mah.

Ceu Eni  : “Aduhh… hayang ka cai euy… ceu Siti, anter yu.." (bari tunduh keneh)

Ceu Siti  : “Euh.. iyeu nu nundutan, wayah kiwari hayang ka cai. Hayu atuh geuwat..”

Tuluy Ceu Eni jeung Ceu Siti indit ka pancuran anu aya di gigir imahna Ceu Mamar. Pas Di luar, Ceu Siti ningali aya jelema keur kakaratak di tukang imah na Ceu Mamar.

Ceu Siti  : “Boa-boa eta malingna..”(bari ngahuleng)

Ceu Siti  : “Ceu, Ceu.. tingali, itu saha nya di tukang.."

Ceu Eni  : “Mana tukang ngagali?? Teu aya oge”

Ceu Siti  : “Euh… lain tukang ngagali.. tingali tuh aya JELEMA. Hayu ah urang geroan Ceu Mamar jeung Mang Usman na.” (bari lumpat ka jero imah)

Ceu Siti jeung ceu Eni heunteu jadi ka cai na.
Maranehna tuluy ngagoroan ceu Mamar  lalaunan.

Ceu Siti  : “Hey… Ceu, tuh aya jelema di tukang imah. Tingali buru..”

Ceu Mamar  : “Uwah… mana? Bateuing maling tea…”

Ceu Eni  : “Hayu atuh! Urang tewak, tapi lalaunan”

Euceu-euceu rempong tuluy nyamperkeun jelema anu aya di tukang imah lalaunan. Ari pekteh bener, jelema eta teh keur kurah-koreh jeung luak-lieuk neangan barang jang di paok.

Mang Rohman  : “Eeh… mananya cakcak teh. Sugan we aya anu gede ti anu kamari." (bari luak-lieuk)
"Tuh gening, cak-cak teh.. sugan we beunang.. panan jang si Jalu.. (ngalieuk kana deket anduk nu ngagantung) “

Wanci si Maling rek mawa anduk nu ngagantung, Euceu- euceu riweuh datang tuluy newak maling eta.

Ceu Mamar : “Hayoh Maling.. rek mawa naon di dieu..”

Mang Rohman  : “Euh.. heunteu.. da abdi mah keur neangan cakcak tuh na para.”

Ceu Eni  : “Naha atuh… neangan cakcak wayah kiwari.. naha heunteu tatadi ba’da isa..”

Mang Rohman  : “Hehe.. (nyengeh) apaaaannaaann………”

Ceu Siti  : “Ah… apanan-apanan teuingan… geuwat, urang bawa ka Pa RT..”

Mang Rohman  : “Eh… abdi mah lain maling euceu… abdi mah..”

Mang Usman  : “Tukang Puak-Paok.”
(motong omongan mang rohman)

Euceu-euceu rempong tuluy mawa eta maling
ka Imah na Pa RT.

Ceu Siti  : “Assalamu’alaikum… punten…”

Ceu Eni  : “Assalamu’alaikum.. pa… pa RT.. iyeu malingna tos beunang paa..”

Pa RT  : “Wa’alaikum Salam… euleuh… malingna teh iyeu.. coba buka kuplukna.. saha eta maling teh coba…”

Wanci kupluk na di buka, maling teh padahal mah Mang Rohman. Isukna Mang Rohman teh ditilik jeung dibere sababaraha patanyaan, hasilna teu aya pisan bukti anu nunjukkeun yen mang Rohman teh anu geus maok barang-barang na Ceu Mamar.

Teu kahaja Ceu Siti ningali sandal anu di pake ku.
mang usman.

Ceu Siti  : “Siga sandal Ceu Mamar etateh nya” (bari ngahuleng)
“Kaheula-kaheula… ari sandal itu teh siga sendalna ceu Mamar nya..!”

Mang usman  : “Ehh… lain euy.. iyeu mah pan meunang meuli ti Mang Rohman kamari.”

Mang Rohman  : “Ah.. da Mang usman mah tara meuli.. sok tara jadi oge..”

Ceu Mamar  : “Mana…” (bari ngalieuk kana sandal nu dipake mang usman)

Ceu mamar  : "Ehh… he'euh nya asa sarua..”

Pa RT  : “Bener sarua? Nomerna sabaraha? Cirina aya naonan?”

Ceu Mamar  : “Nomer 8 ½. Dihandapna aya hurup M meunang nyirian ku peso.”

Ceu Eni  : “Mana coba buka mang usman..”

Mang Usman  : “Ihh… da lain iyeu mah nu abdi..”

Mang Rohman  : “Ah, alesan.. geuwat buka..”

Tuluy sandal anu dipake mang usman  dibuka jeung di
tinggali ku Ceu Mamar.

Ceu Mamar  : “Ihh.. bener sarua, nomer 8 ½ dihandapna aya hurup M, tuh.. tingali”  (bari ningalikeun sandal na)

Babarengan : “Euleuh-euleuh.. Teu nyangka mang usman teh kitu..”

Komentar

Posting Komentar