CONTOH NASKAH DRAMA SUNDA 6 ORANG | Komedi
EUCEU-EUCEU REMPONG Palaku : 1. Ceu Mamar 4. Mang Rohman 2. Ceu Siti 5. Mang Usman 3. Ceu Eni 6. Pak RT Di hiji kampong, aya tilu euceu-euceu anu kacida rempong namina nyaeta, Ceu Mamar, Ceu Siti jeung Ceu Eni. Hiji mangsa, imahna Ceu Mamar teh kamalingan, tuluy waktu di warung Mang Rohman manehna riweuh mere nyaho ka eceu-euceu nu lain. Ceu Mamar : “Hey.. eceu-eceu… geuwat…geuwat kadie aya maling.. peuting di imah abdi aya maling.” (riweuh mere nyaho bari ngabenerkan tiung na..) Ceu Siti : “Naon? Galing ? Buuk euceu galing lain?” Ceu Mamar : “Naha ai ceu siti, Maling ceu… maling.. lain galing...!!” Ceu Siti : “Hah? Beling? Kade atuh bisi katincak” ...